Selasa, 06 Maret 2018

Pupuh Dangdanggula

#4 Pupuh Dangdanggula

pupuh sunda
shorelineareanews.com
Watek Pupuh Dangdanggula: Pupuh Sunda Dangdanggula memiliki watek keindahan (kawaasan), kesenangan (kagumbiraan), ketentraman (katengtraman), atau kebesaran (kaagungan).
Jumlah padalisan: 10 padalisan (baris) dalam satu pada (bait).
Pola guru wilangan dan guru lagu: 10-i, 10-a, 8-é/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a.
Pupuh Dangdanggula memiliki pola yang lebih panjang daripada pupuh Sinom karena terdiri dari 10 padalisan (baris).

Contoh Pupuh Dangdanggula

Laut Kidul kabeh katingali (10-i)
Ngembat paul kawas dina gambar (10-a)
Ari ret ka tebeh kaler (8-e)
Batawi ngarunggunuk (7-u)
Lautna mah teu katingali (9-i)
Ukur lebah lebahna (7-a)
Semu semu biru (6-u)
Ari ret ka tebeh wetan (8-a)
Gunung gede jiga nu ngajakan balik (12-i)
Meh bae kapiuhan (7-a)

Pasosore nyawang bandung asri
Basa kuring ulin ka isola
Ti dieu ti belah kaler
Tembong di lingkung gunung
Kota kembang bangun nu sepi
Beut teu kapireung sora
Da geus puguh jauh
Langitna kacida lenglang
Estu taya mega bodas aling aling
Sore ieu bengras pisan.

Pupuh Dangdanggula Mega Beureum

Méga beureum surupna geus burit [10-i]
Ngalanglayung panas pipikiran [10-a]
Cikur jangkung jahé konéng [8-é]
Naha teu palay tepung [7-u]
Simabdi mah ngabeunying leutik [9-i]
Ari ras cimataan [7-a]
Gedong tengah laut [6-u]
Ulah kapalang nya béla [8-a]
Paripaos gunting pameulahan gambir [12-i]
Kacipta salamina [7-a].

Pupuh Dangdanggula Milangkala

Dinten ieu éstu bingah ati (10-i)
Ku jalaran panceg milang kala (10-a)
Kenging kurnia ti Alloh (8-o)
Rehing nambihan umur (7-u)
Tepung taun usum sim abdi (9-i)
Heunteu weleh neneda (7-a)
Ka Gusti nu Agung (6-u)
Malar umur téh mangpa’at (8-a)
Tebih bahla turta pinarinan rijki (12-i)
Sumujud ka Pangéran (7-a).

Pupuh Dangdanggula Sing Aringet

Sing aringet ulah salah harti
Ngomongkeun batur téh penting pisan
Ngomong-ngomong tong polontong
Kabéh ngomongkeun batur
Keur muru hirup nu walagri
Diajar ngalalampah
Napak hirup batur
Maca kana pangalaman
Léngkah nu hade keur picontoeun diri
Nu goréng mah singkahan

Pupuh Dangdanggula Lambang RI

Lambang RI
Jero ngandung harti
Lamun bener di amalkeun nana
Persatuan tangtu tembong
Teu cukup ku di sebut
Atawa  na apalna biwir
Bhineka tunggal ika
Maksudna gumulung
Kabeh seler-seler bangsa beda-beda
Tatapi asal sagetih
Tapi sa asal

Panambih
Hiji basa
Hiji bangsa
Basa bangsa indonesia
Hiji bangsa
Hiji nusa
Nusa tunggal nusantara
Seler-seler suku bangsa
Ti wewengkon mana mana
Saka suka saka duka
Wujud bangsa indonesia

Pupuh Asmarandana

#3 Pupuh Asmarandana


pupuh sunda
detiklife.com

Watek Pupuh Asmarandana: Perasaan sayang (nyaah), perasaan cinta (deudeuh asih), dan asmara (kabirahian) yang ditunjukkan kepada kekasih, pasangan, keluarga, atau sahabat.
Jumlah padalisan: 7 padalisan (baris) dalam setiap pada (bait).
Guru wilangan dan guru lagu: 8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a. Guru lagu pupuh Asmarandana pada baris (padalisan) ke-3 bisa berupa huruf vokal “é” atau huruf vokal “o”.

Contoh Pupuh Asmarandana

Eling eling mangka eling (8-i)
Rumingkang di bumi alam (8-a)
Darma wawayangan bae (8-e)
Raga taya pangawasa (8-a)
Lamun kasasar lampah (7-a)
Nafsu nu matak kaduhung (8-u)
Badan anu katempuhan (8-a)

Mun ujang nyiar pangarti
Terus sakola ka kota
Sing jadi murid rancage
Bener pinter bari sehat
Mikaheman sasama
Asih kanu jadi guru
Gaganti ema jeung bapa

Pupuh Asmarandana Piwuruk Sepuh

Ngariung di tengah bumi
pun biang sareng pun bapa
jisim abdi diuk mando
husu ngupingkeun pituah
piwejang ti anjeunna
pituduh laku rahayu
piwejang sangkan waluya.

Pupuh Asmarandana Eling-eling Murangkalih

Eling-eling murangkalih
Kudu apik jeung berséka
Ulah odoh ka panganggo
Mun kotor geuwat seuseuhan
Soéh geuwat kaputan
Ka nu buruk masing butuh
Ka nu anyar masing lebar.

Pupuh Sinom

#2 Pupuh Sinom

pupuh sunda
kebahagiaan2u.net
Watak Pupuh Sinom: Menggambarkan perasaan senang atau kegembiraan (gumbira), kasih sayang (kadeudeuh), dan semangat (sumanget).
Jumlah padalisan: 9 padalisan dalam setiap pada (bait)
Pola guru wilangan dan guru lagu: 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a.

Contoh Pupuh Sinom

Di wetan fajar balebat (8-a)
Panon poe arek bijil (8-i)
Sinarna ruhay burahay (8-a)
Kingkilaban beureum kuning (8-i)
Campur wungu saeutik (7-i)
Kaselapan semu biru (8-u)
Tanda Batara Surya (7-a)
Bade lumungsur ka bumi (8-i)
Murub mubyar langit sarwa hurung herang (12-a)

Mapag balebat ti wetan
Ngabring leumpang ngagaridig
Barudak rek sarakola
Kapireng pating hariring
Paheula heula nepi
Unggal isuk geus ngabaku
Bari garogonjakan
Estuning saruka ati
Sarerea hayang geura dialajar

Pupuh Sinom Tatar Sunda

Tatar Sunda estu endah
lemah cai awit jadi
sarakan asal gumelar
amanat Ilahi Robbi
titipan nini aki
wajib dijaga dijungjung
basa katut budayana
padumukna luhung budi
insya Allah tatar Sunda karta harja

Pupuh Sinom Harta pada Nareangan

Harta pada nareangan
Harti pada nyararungsi
Sabab duanana guna
Harti bisa mere bukti
Harta pon kitu deui
Bisa ngabul nu di maksud
Neudunan sakahayang
Tapi harta gancang leungit
Mungguh harti mangfaat dunya akherat

Harta pada nareangan
Harti pada narambahan
Harta harti sarua guna
Pada bisa mere bukti
Bisa hasil sapaneja
Sok nyumponan cita-cita
Harta harti sok mangfaat
Dapon di raksa taliti

Pupuh Kinanti

#1 Pupuh Kinanti


pupuh sunda

Watak Pupuh Kinanti: Menggambarkan perasaan sayang (kanyaah), menunggu (nungguan), dan khawatir (deudeupeun).
Jumlah padalisan: 6 baris (padalisan) dalam satu pada (bait).
Pola guru wilangan beserta guru lagu: 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i
Uniknya, di dalam pupuh Kinanti ini, setiap padalisan (baris) dalam pupuh Kinanti hanya terdiri dari 8 guru lagu atau suku kata saja.

Contoh Pupuh Kinanti

Kembang ros ku matak lucu (8-u)
Nya alus rupa nya seungit (8-i)
Henteu aya papadana (8-a)
Ratuning kembang sajati (8-i)
Papaes di patamanan (8-a)
Seungit manis ngadalingding (8–i)

Pupuh Kinanti Budak Leutik Bisa Ngapung

Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Neangan nu amis amis
Sarupaning bungbuahan
Naon bae nu kapanggih

Pupuh Kinanti Kanyaah Indung

Kanyaah indung mo suwung
Lir jaladri tanpa tepi
Lir gunung tanpa tutugan
Asihna teuing ku wening
Putra teh di dama dama
Di anggo pupunden ati

Contoh Pupuh Kinanti tentang Buah-buahan

loba anu resep cau
cau kesed jeung nu amis
nu kesed ngeunah dirujak
digoreng ngeunah nu amis
mun cau henteu dirujak
kudu milih anu amis

Pupuh Kinanti Eta Naon Nu Ngahiung

Itu naon nu ngahiung
Suat-siet henteu cicing
Ngawang-ngawang kawas heulang
Muter karalang-kuriling
Sihoréng kapal nu urang
Kapal udara ngalingling

Pengertian Pupuh

Pengertian Pupuh

Seperti yang telah disebutkan di atas bahwa pupuh merupakan gabungan dari seni sastra dan lagu sunda. Pengertian lain pupuh adalah karya sastra berbentuk puisi yang termasuk bagian dari khazanah sastra Sunda. Kemudian ada aturan-aturan tertentu yang ada dalam pupuh sunda agar menghasilkan keindahan tersendiri.
Berikut ini merupakan istilah-istilah atau aturan yang ada dalam pupuh sunda:
Pada: Artinya adalah bait dalam pupuh sunda yang terdiri dari beberapa baris (padalisan).
Padalisan: Merupakan baris atau larik di dalam satu pada (bait).
Guru wilangan: Adalah jumlah suku kata (engang) yang terdapat pada setiap padalisan (baris).
Guru lagu: Adalah bunyi huruf vokal terakhir yang terdapat dalam setiap padalisan (baris). Istilah lain dari guru lagu ini adalah sora panungtung.
Watek atau watak: Adalah karakteristik dari pupuh sunda yang berupa sifat, makna, atau tema dari isi yang dimiliki oleh pupuh sunda tersebut.

Jenis Pupuh Sunda

Pupuh Sunda sendiri dibagi ke dalam dua bagian besar, yaitu sekar ageung dan sekar alit.

Sekar Ageung

Pupuh Sekar Ageung merupakan pupuh sunda yang dapat ditembangkan (dinyanyikan) dengan menggunakan lebih dari satu jenis lagu (pembagian lagunya bermacam-macam).
Yang termasuk ke dalam Sekar Ageung yaitu Pupuh Kinanti, Pupuh Sinom, Pupuh Dangdanggula, dan Pupuh Asmarandana.

Sekar Alit

Pupuh Sekar Alit merupakan pupuh sunda yang hanya dapat ditembangkan (dinyanyikan) dengan satu jenis lagu saja (pembagian lagunya sejenis).
Pupuh yang termasuk ke dalam sekar alit yaitu Pupuh Balakbak, Pupuh Durma, Pupuh Gambuh, Pupuh Gurisa, Pupuh Juru Demung, Pupuh Ladrang, Pupuh Lambang, Pupuh Magatru, Pupuh Maskumambang, Pupuh Mijil, Pupuh Pangkur, Pupuh Pucung, dan Pupuh Wirangrong.