Selasa, 06 Maret 2018

Pupuh Mijil

#13 Pupuh Mijil

pupuh sunda
ngocehnajis.blogspot.co.id
Watek Pupuh Mijil: Menggambarkan watak (watek) bersedih hati (kasedih), namun dengan perasaan penuh harapan.
Pola guru wilangan dan guru lagu: 10-i, 6-o, 10-é, 10-i, 6-i, 6-u.

Lirik Pupuh Mijil Mesat Ngapung Putra Sang Arimbi

Mesat ngapung putra Sang Arimbi (10- i)
Jeung mega geus awor (6-o)
Beuki lila beuki luhur bae (10-e)
Larak-lirik ninggali ka bumi (10-i)
Milari sang rai (6-i)
Pangeran Bimanyu (6-u)

Aduh Gusti nu Kawasa
Jisim abdi ageung dosa
Pangna abdi gering nangtung
Reh ka sepuh wantun nundung

Lirik Pupuh Mijil Nungtut Elmu

Najan cicing nya di tepiswiring (10-i)
Kadé ulah bodo (6-o)
Kudu tetep nungtut élmu baé (10-é)
Sabab jalma nu loba pangarti (10-i)
Hirup tangtu hurip (6-i)
Mulus tur rahayu (6-u)

Download Pupuh Mijil Aduh Gusti

Aduh gusti anu maha suci
Sim abdi rumaos
Pangna abdi dumugi ka kesrek
Reh ka sepuh parantos ngusir
Takabur sareng dir
Tega nundung sepuh

Aduh gusti nu kawasa
Sim abdi ageung dosa
Pangna abdi gering nangtung
Reh ka sepuh wantun nundung

0 comentários:

Posting Komentar