Selasa, 06 Maret 2018

Pupuh Gurisa

#8 Pupuh Gurisa

pupuh sunda
Watek Pupuh Gurisa: Menggambarkan tentang seseorang yang sedang mengkhayal sesuatu yang kosong dan tidak bermakna (malaweung) atau melamun (ngalamun).
Pola guru wilangan dan guru lagu: 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a.
Pupuh gurisa ini memiliki 6 atau 8 padalisan dalam satu bait (pada).

Contoh Pupuh Gurisa Hayang Teuing Geura Beurang

Hayang teuing geura beurang (8-a)
Geus beurang rek ka Sumedang (8-a)
Nagih ka nu boga hutang (8-a)
Mun meunang rek meuli soang (8-a)
Tapi najan henteu meunang (8-a)
Mo rek buru-buru mulang (8-a)
Rek terus guguru nembang (8-a)
Jeung diajar nabeuh gambang (8-a)

Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rek ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rek meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rek buru-buru mulang
Rek terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang.

Pupuh Gurisa Si Kabayan (6 Padalisan)

Si Kabayan lalamunan (8-a)
Pangrasa bisa nyetiran (8-a)
Motor atawana sédan (8-a)
Poho keur eundeuk-eundeukan (8-a)
Na dahan emplad-empladan (8-a)
Gujubar kana susukan (8-a).

Pupuh Gurisa Waktu Barudak Keur Mijah

Waktu barudak keur mijah
Arulin semu barungah
Ger hujan gede pohara
Barudak breng lalumpatan
Ngiuhan di bale desa
Ngadago raatna hujan.

Amir Ngomong Ka Baturna
Keur Tambah Kesel Nungguan
Ngayakeun Tatarucingan
Baturna Pada Mupakat
Amir Kapeto Tiheula
Tarucing Dimimitian

Aya Barang Weweg Panjang
Tatapi Pondok Ngarana
Na Dimana Nya Ayana
Sarta Keur Naon Gunana
Diantara Batur Urang
Diantara Batur Urang
Cing Sugan Aya Nu Terang
Cing Sugan Aya Nu Terang

Ngajungkiring Awak Beurat
Waruga Weweg Tur Kuat
Tapi Aneh Taya Dua
Sanajan Mindeng Dihiap
Wanda Sabar Sarta Pasrah
Wanda Sabar Sarta Pasrah
Sok Mindeng Tembong Di Sawah
Sok Mindeng Tembong Di Sawah.

0 comentários:

Posting Komentar