Selasa, 06 Maret 2018

Pupuh Wirangrong

#16 Pupuh Wirangrong

pupuh sunda
Watek Pupuh Wirangrong: Menggambarkan rasa malu (kawiwirangan) terhadap diri sendiri.
Pola guru wilangan dan guru lagu: 8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a.

Lirik Pupuh Wirangrong Barudak Mangka Ngalarti

Barudak mangka ngalarti (8-i)
Ulah rek kadalon-dalon (8-o)
Enggon-enggon nungtut elmu (8-u)
Mangka getol mangka tigin (8-i)
Pibekeleun sarerea (8-a)
Modal bakti ka nagara (8-a)

He barudak mangka ngarti
Ulah rek kadalon-dalon
Nungtut elmu jeung pangarti
Masing rajin soson-soson
Pibekeleun hirup tandang
Modal bakti ka nagara
Lemah cai anu urang
Perlu dijaga diriksa.

Pupuh Wirangrong Sieun Doraka

Kuring moal deui-deui (8-i)
Gaduh panata nu awon (8-o)
Ngabantah nu jadi indung (8-u)
Sieun dibendo ku Gusti (8-i)
Kawas dalem boncél téa (8-a)
Doraka ti ibu rama (8-a).

0 comentários:

Posting Komentar