Jumat, 22 April 2016

Belajar Bahasa Sunda yang Baik dan Benar

Bahasa sunda adalah sebuah bahasa yang memang sangat di kenal oleh masyarakat indonesia terlebih oleh kesopanan dan kelembutan tataan bahasa yang di berikan, nah pada posting kali ini saya akan memberikan informasi mengenai tatacara mnggunakan bahasa sunda yang baik dan benar


banyak anak muda sekarang dari ranah sunda yang menggunakan bahasa sunda namun penggunaannya kasar namun ada juga yang menggunakan bahasa sunda di campur oleh bahasa indonesia ini akan terdengar bahasa yang gado-gado atau campuran tentunya ini akan menghilangkan makna dalam bahasa sunda. Berikut ini ada beberapa tataan penggunaan bahasa sunda yang baik dan benar.
  • ucapan sopan untuk orang dewasa atau sesama
-Mulih timana kang ? yang artinya dalam bahasa indonesia adalah pulang dari mana , namun dalam bahasa sunda ini sangatlah ramah dan sopan, berbeda dengan
-balik timana kang ? artinya sama namun dalam bahasa sunda , ucapan ini sangat kurang sopan untuk di ucapkan pada seseorang.
  • ucapan untuk diri sendiri dan untuk orang lain
1.Untuk diri sendiri atau kepunyaan
-pun rai mah rada badeur , upami ameung tej mulangna sore wae sok hariwang da , nah dalam indonesia artinya “Adik saya sedikit nakal, kalau main pulangnya selalu sore terus makanya suka khawatir”  nah kata sunda yang di ucapkan diatas adalah kata sunda yang memiliki arti kepemilikan yakni dalam hal ini yang dimiliki adalah adiknya.
2.Untuk orang lain
-kang itu mulang timana ari hayam teh ? artnya , kang itu ayam pulang dari mana, nah kata mulang disini artinya sama dengan mulih atau pulang, jadi untuk dir sendiri da untuk lain pun dalam bahasa sund asangat di bedakan dengan kata lain bahwa dunda memiliki banyak tataan bahasa yang mulai dari biasa,sopan dan sopan sekali. Ini lah yang membedakan orang sunda dengan orang d daerah lain.
selai dari bebrapa ucapan yang sopa ada juga ucapan yang sedikit menunjuk ke arah sopan namun jika di mengerti maknanya kurang sopan berikut ini contohnya
perbedaan penggunaan kata Kulan dan kata naon ini memiliki arti yang sama yakni dalam bahasa indonesia artinya “apa” , meskipun sama artinya namun yang membedakan disini adalah maknanya dimana penggunaan kata kulan lebih sopan di banding dengan kata naon, karena biasanya kata kulan di ucapkan oleh orang sunda yang memang memiliki tatakrama baik, namun tidak memungkiri bahwa orang yang tatakramanya kurang baik selalu menggunakan kata kulan dalam kesehariannya.

sekian informasi untuk hari ini itulah sedikit informasi tentang tatacara berlajar bahasa sunda yang baik , dimana ucapan sehari-sehari diatas adalah ucapan yang memang menentukan keseharian dan kepribadian anda. terima kasih telah berkunjung  nantikan informasi menarik lainnya.

Kumpulan Kila-kila Bagian ka-4


  1. Lamun ngimpi naék ka gunung, makal meunang milik
  2. Lamun ngimpi naék ka langit, bakal luhung élmuna jembar pangaweruhna.
  3. Lamun ngimpi naék karéta, bakal kaleungitan milik
  4. Lamun ngimpi naék tangkal kalapa potong tengahna, bakal aya kakapaténan.
  5. Lamun ngimpi naék tangkal kalapa, bakal aya nu méré hutang.
  6. Lamun ngimpi namapa permata (inten), bakal meunang  milik gedé
  7. Lamun ngimpi nampa duit, bakal meunang kasusah
  8. Lamun ngimpi nénjo hujan, bakal meunang milik
  9. Lamun ngimpi neunggeulan budak, bakal meunang kasusah
  10. Lamun ngimpi neunggeulan oray, bakal ngéléhkeun musuh urang
  11. Lamun ngimpi ngadahar daging embé, bakal aya nu méré salaki/pamajikan
  12. Lamun ngimpi ngadahar daging oray, bakal aya nu nganiaya
  13. Lamun ngimpi ngadahar gula, bakal aya nu jahat
  14. Lamun ngimpi ngadahar lauk hayam, bakal meunang untung
  15. Lamun ngimpi ngadahar taneuh, bakal meunang milik
  16. Lamun ngimpi ngajaring manuk, bakal meunang rejeki
  17. Lamun ngimpi ngajuru, bakal datang milik
  18. Lamun ngimpi ngala anggur, bakal meunang kabungah
  19. Lamun ngimpi ngala buah dalima, bakal meunang milik
  20. Lamun ngimpi ngala cau arasak tuluy didahar, bakal meunang kabungah
  21. Lamun ngimpi ngala jeruk, bakal meunang kasedihan
  22. Lamun ngimpi ngala lauk cai, bakal meunang untung
  23. Lamun ngimpi ngala manuk merak, bakal boga kabogoh
  24. Lamun ngimpi ngala pare, bakal meunang kasusah
  25. Lamun ngimpi ngala seuneu, bakal susah
  26. Lamun ngimpi ngambek, bakal meunang katugenah
  27. Lamun ngimpi ngambeu bangké, bakal manggih tugenah
  28. Lamun ngimpi ngambeu seuseungitan, bakal aya nu mikanyaah
  29. Lamun ngimpi ngapung, bakal meunang susah
  30. Lamun ngimpi ngarasa sieun, bakal meunang kacilakaan
  31. Lamun ngimpi ngawangong sareng wali nu mana baé, bakal boga élmu nu luhur
  32. Lamun ngimpi nginum, bakal aya nu ngéwa
  33. Lamun ngimpi ngising, bakal kaleungitan
  34. Lamun ngimpi ngojay, bakal teu tinekanan paniatan
  35. Lamun ngimpi ngudud (nyeupah), bakal aya nu ngahina (ngahampas)
  36. Lamun ngimpi ningal Baitullah, bakal meunang kamurahan
  37. Lamun ngimpi ningal batu hideung, bakal meunang bebendon ti Pangéran
  38. Lamun ngimpi ningal béntang ragrag ka imah urang, bakal meunang milik
  39. Lamun ngimpi ningal beuteung sorangan, bakal meunang kasenangan
  40. Lamun ngimpi ningal bulan jeung panonpoé, bakal aya karusakan di nagarana
  41. Lamun ngimpi ningal bulan, bakal loba nu asih
  42. Lamun ngimpi ningal cahaya beureum, hideung, koneng, jeung bodas, bakal bakal deukeut kana waktuna (paéh)
  43. Lamun ngimpi ningal cahaya, bakal dihampuara dosana
  44. Lamun ngimpi ningal camara bodas, bakal ngalalakon hirupna
  45. Lamun ngimpi ningal jalan ngemplong, bakal ditangtayungan hirupna
  46. Lamun ngimpi ningal jalma ngapung, bakal luas pikiran
  47. Lamun ngimpi ningal loba hayam, bakal bakal meunang loba sobat (batur)
  48. Lamun ngimpi ningal masigit rubuh, bakal aya kasusah gédé
  49. Lamun ngimpi ningal Nabi Muhammad SAW, bakal aya nu méré berekah
  50. Lamun ngimpi ningal pajaratan para wali, bakal aya nu ngahijikeun kana dirina (kasumpingan)
  51. Lamun ngimpi ningal panonpoé kembar, bakal aya kaributan/perang di nagara
  52. Lamun ngimpi ningal rupa sorangan, bakal loba nu hayang kapanggih
  53. Lamun ngimpi ningal sahabat Rasulullah, bakal naék pangkat atawa meunang jabatan luhur..
  54. Lamun ngimpi ningal sawarga, bakal boga élmu maripat
  55. Lamun ngimpi ningal talaga, bakal meunang rejeki
  56. Lamun ngimpi ningal tangkal dihandapeun, bakal dihormat ku sasama
  57. Lamun ngimpi ningal tangkal nyagak dua, bakal meunang kasusahan
  58. Lamun ngimpi ningal walungan caah, bakal aya nu ambek
  59. Lamun ngimpi ningali naraka, bakal teu bisa hirup senang
  60. Lamun ngimpi numpak kapal udara, bakal aya milik gedé
  61. Lamun ngimpi numpak kuda, bakal salamet, naon nu dimaksuk tinekanan
  62. Lamun ngimpi numpak maung, bakal meunang darajat
  63. Lamun ngimpi numpak naga, bakal hasil sagala nu dimaksud
  64. Lamun ngimpi nyangu, bakal meunang kasusahan
  65. Lamun ngimpi nyiduh diwadahan, sarta ciduhna ngagibleg siga ager, bakal meunang kabungahan sarta diberkahan ku umat Nabi.
  66. Lamun ngimpi nyiduh, bakal meunang kasusah
  67. Lamun ngimpi nyolatkeun mayit, bakal aya nu ngabéla lahir batin
  68. Lamun ngimpi nyukang tapi cukangna potong, bakal meunang susah
  69. Lamun ngimpi nyukang, bakal bakal meunang kabungahan
  70. Lamun ngimpi paéh, bakal boga milik
  71. Lamun ngimpi palid, bakal meunang susah
  72. Lamun ngimpi papendak jeung Imam Mahdi, bakal jadi sampurna hirupna dunya ahérat
  73. Lamun ngimpi papendak sareng Nabi Adam AS, bakal meunang kabungah
  74. Lamun ngimpi papendak sareng Ratu Adil, bakal jadi jalma nu nangtayungan dunya (Pamingpin)
  75. Lamun ngimpi paséa, bakal aya nu nyaah
  76. Lamun ngimpi puasa, bakal meunang darajat
  77. Lamun ngimpi rék indit hésé disamping, bakal kawiwirangan
  78. Lamun ngimpi rék indit tapi hésé rék digelung udar-ider deui, bakal aya nu mikangéwa
  79. Lamun ngimpi rék indit tinggaleun selop atawa sapatu, bakal aya nu sirik.
  80. Lamun ngimpi rék nyiduh tapi hésé kaluarna, bakal jadi jalma teu teu boga kasieun (wanian)
  81. Lamun ngimpi saré, bakal butek pamikiran
  82. Lamun ngimpi sasauran jeung pamingpin (Présidén), bakal meunang kabungah (naon waé nu dipimaksud bakal tinekanan)
  83. Lamun ngimpi sholat, bakal sagala pagawéanna dihampuara
  84. Lamun ngimpi sukan-sukan, bakal susah
  85. Lamun ngimpi tangkal cau rubuh, bakal aya nu gering cepot
  86. Lamun ngimpi teuleum ka jero cai, bakal meunang kasenangan
  87. Lamun ngimpi urang ménta dihampura ka kolot, bakal dihampuara dosana ku Pangéran (Allah)
  88. Lamun ngimpi wudu, bakal sampurna hirupna
  89. Lamun sumeblak haté jam 1-2, bakal aya nu ngondang
  90. Lamun sumeblak haté jam 3-5, bakal hajat
  91. Lamun sumeblak haté jam 5-7, bakal meunang kabungah
  92. Lamun sumeblak haté jam 7-9, bakal aya nu nanyaan
  93. Lamun sumeblak haté jam 9-11, bakal dahar nu ngeunah
  94. Lamun sumeblak haté jam 11-13, bakal dipikabogoh
  95. Lamun sumeblak haté jam 13-15, bakal meunang rejeki
  96. Lamun sumeblak haté jam 15-17, bakal meunang kabungahan
  97. Lamun sumeblak haté jam 17-19, bakal datang sémah
  98. Lamun sumeblak haté jam 19-23, bakal pacogrékan
  99. Lamun sumeblak haté jam 23-1, bakal …… aya nu ngalamar anak urang

Kumpulan Kila-kila Bagian ka-3



  1. Lamun ngimpi aya nu méré budak awéwé, bakal meunang kabungahan (tina pare bakal untung)
  2. Lamun ngimpi aya nu méré budak, bakal meunang kabungahan (milik)
  3. Lamun ngimpi aya nu méré cai susu, bakal aya nu nyaah
  4. Lamun ngimpi aya nu méré daging sapi, bakal aya nu ngahampas
  5. Lamun ngimpi aya nu méré endog, bakal meunang kabeungharan
  6. Lamun ngimpi aya nu méré eunteung, bakal aya nu ngawiwirang
  7. Lamun ngimpi aya nu méré kantong, bakal aya nu méré élmu pangaweruhna (pangabisa)
  8. Lamun ngimpi aya nu méré kembang, bakal boga salaki/pamajikan
  9. Lamun ngimpi aya nu méré keris, bakal aya nu méré barang (dunya)
  10. Lamun ngimpi aya nu méré kitab, bakal aya nu datang nu rék ménta berkahna
  11. Lamun ngimpi aya nu méré lauk, bakal meunang milik (aya nu méré duit)
  12. Lamun ngimpi aya nu méré manuk, bakal boga anak
  13. Lamun ngimpi aya nu méré pedang, bakal aya nu hasud (ngabaruntak)
  14. Lamun ngimpi aya nu méré sangu, bakal aya nu ngahampas
  15. Lamun ngimpi aya nu méré sisir, bakal aya nu mérésan kahirupanana
  16. Lamun ngimpi aya nu méré surat, bakal meunang barang nu matak nalangsakeun
  17. Lamun ngimpi aya nu nénjo (neuteup), bakal aya nu ijid (ngéwa)
  18. Lamun ngimpi aya nu ngajak ku nu tos pupus, bakal téréh meunang milik
  19. Lamun ngimpi aya nu ngajak, bakal aya nu ngahina
  20. Lamun ngimpi aya nu nganiya, bakal meunang milik gedé
  21. Lamun ngimpi aya nu ragrag ti luhur langit (béntang), bakal boga anak nu kacida pinterna jeung calakan.
  22. Lamun ngimpi beunghar, bakal senang hirupna
  23. Lamun ngimpi bobogohan, bakal meunang rejeki
  24. Lamun ngimpi boga imah, bakal pindah
  25. Lamun ngimpi boga salaki, bakal meunang susah
  26. Lamun ngimpi budug, bakal meunang rejeki
  27. Lamun ngimpi ceurik, bakal dihampuara dosa
  28. Lamun ngimpi ceurik, bakal meunang susah gede
  29. Lamun ngimpi dahar daging babi, bakal aya nu ngahina
  30. Lamun ngimpi dahar najis, bakal cilaka (doraka)
  31. Lamun ngimpi dibenduan ku pamingpin (Présidén), bakal meunang kasusahan
  32. Lamun ngimpi dibéré duit, bakal meunang panyakit
  33. Lamun ngimpi dibeulit oray, bakal meunang milik
  34. Lamun ngimpi didatangan guru, bakal aya nu ngéwa
  35. Lamun ngimpi digantung, bakal dihampuara dosana
  36. Lamun ngimpi digégél maung, bakal aya nu méré pagawéan
  37. Lamun ngimpi digundulan, bakal meunang wiwirang
  38. Lamun ngimpi dihakan maung, bakal boga dunungan soléh
  39. Lamun ngimpi diiket, bakal jadi jalma soléh
  40. Lamun ngimpi diiring-iring, bakal pondok umur
  41. Lamun ngimpi dikopéah, bakal jadi jalma soléh
  42. Lamun ngimpi dilétakan maung, bakal naék pangkat/jabatan
  43. Lamun ngimpi diminyak, bakal aya nu bogoh
  44. Lamun ngimpi diminyak, bakal aya nu ngaku
  45. Lamun ngimpi dipacok oray, bakal kawin
  46. Lamun ngimpi dipaéhan, bakal moal lila umur
  47. Lamun ngimpi dipayung, bakal meunang harta, turta dihormat ku jalma réa
  48. Lamun ngimpi dipikabogoh ku lalaki/awéwé, bakal aya nu mikanyaah
  49. Lamun ngimpi dipikanyaah ku pamingpin (Présidén), bakal dipikanyaah ku nu jadi kolot
  50. Lamun ngimpi dipotong buuk, bakal pipisahan
  51. Lamun ngimpi dipupur/diwedak, bakal aya nu asih
  52. Lamun ngimpi disalimut, bakal diusir tina kapangkatan
  53. Lamun ngimpi diseureud ku seungseureudan, bakal aya nu mikaasih
  54. Lamun ngimpi disorban, bakal jadi haji
  55. Lamun ngimpi ditarajang, bakal meunang wiwirang
  56. Lamun ngimpi ditarajang, bakal meunang wiwirang
  57. Lamun ngimpi diteunggeulan, bakal aya nu nyaah
  58. Lamun ngimpi diudag aki-aki/nini-nini, bakal aya nu méré barang
  59. Lamun ngimpi diudag anjing, bakal gering
  60. Lamun ngimpi diudag jalma édan, bakal gering panas
  61. Lamun ngimpi diudag maung, bakal meunang pagawéan
  62. Lamun ngimpi diudag oray, bakal diudag-udag ku nu bogoheun
  63. Lamun ngimpi diudag sapi, bakal meunang kasenangan
  64. Lamun ngimpi gering, bakal meunang cilaka
  65. Lamun ngimpi hajat, bakal meunang susah
  66. Lamun ngimpi huhujanan, bakal meunang rahmat
  67. Lamun ngimpi huntu pungklak ti handap, bakal kapapatén baraya sahandapeun
  68. Lamun ngimpi huntu pungklak ti luhur, bakal kapapatén ku kolot
  69. Lamun ngimpi imah dipager, bakal meunang kasusahan (sedih)
  70. Lamun ngimpi imah urang kahuruan, bakal meunang kasusah
  71. Lamun ngimpi indit-inditan, bakal meunang wiwirang
  72. Lamun ngimpi jadi haji, bakal jadi jalma soléh
  73. Lamun ngimpi jadi jalma hina, bakal meunang kabungahan
  74. Lamun ngimpi jadi jalma kasép/geulis, bakal bisa nyaho (ngaji) kana dirina sorangan
  75. Lamun ngimpi jadi ménak, bakal meunang wiwirang
  76. Lamun ngimpi jadi pangantén, bakal gering
  77. Lamun ngimpi jejeblogan, bakal meunang kabungah
  78. Lamun ngimpi kabeurangan saré, bakal meunang pikiran caang
  79. Lamun ngimpi kahujanan, bakal loba nu nyaah
  80. Lamun ngimpi kapanggih jeung nu maot, bakal susah
  81. Lamun ngimpi kapanggih Malaikat, bakal meunang kabungah
  82. Lamun ngimpi labuh, bakal dikawinkeun
  83. Lamun ngimpi lalayaran, bakal aya nu ngamulyakeun
  84. Lamun ngimpi leungit ali, bakal pipisahan jeung pamajikan/salaki/kabogoh
  85. Lamun ngimpi leungit baju, bakal meunang kasusahan
  86. Lamun ngimpi leungit leungeun sabeulah, bakal meunang kacilakaan
  87. Lamun ngimpi leungit mata, bakal susah gedé
  88. Lamun ngimpi leungit panitih, bakal aya nu ngarebut haté (kabéngbat)
  89. Lamun ngimpi leungit samping, bakal pamajikan/salaki/kabogoh aya nu ngarebut
  90. Lamun ngimpi loba kutu, bakal munang duit
  91. Lamun ngimpi lumpat, bakal meunang darajat
  92. Lamun ngimpi maca koran, bakal tinekanan naon dipimaksud
  93. Lamun ngimpi maké ali tina emas, bakal nampa élmu (kadunyaan)
  94. Lamun ngimpi mandi di laut, bakal meunang milik
  95. Lamun ngimpi mandi di sumur, bakal meunang kabungah
  96. Lamun ngimpi mandi di walungan, bakal aya nu ngéwa
  97. Lamun ngimpi mandi din acai hujan, bakal salamet hirupna
  98. Lamun ngimpi mandi dina najis, bakal aya nu mikangéwa
  99. Lamun ngimpi maripat ka Allah, naon di pimaksud bakal diijabah, turta bakal jadi waliyullah
  100. Lamun ngimpi mawa mayit, bakal meunang kabungah (lotré)

Kumpulan Kila-kila Bagian ka-2



  1. Lamun datang samagaha dina bulan Hapit, bakal loba hujan angina (caah, urug, jrrd)
  2. Lamun datang samagaha dina bulan Jumadil-Ahir, bakal loba jalma nu bungah lantaran papakéan jeung dahareun marurah
  3. Lamun datang samagaha dina bulan Jumadil-Awal, bakal aya caah gedé dina waktu ieu mindeng hujan
  4. Lamun datang samagaha dina bulan Muharam, bakal loba jalma nu meunang kacilakaan lantaran loba bencana alam
  5. Lamun datang samagaha dina bulan Mulud, bakal pagebug gedé
  6. Lamun datang samagaha dina bulan Puasa, bakal loba jalma nu paraéh lantaran paceklik (hongeroedeam)
  7. Lamun datang samagaha dina bulan Rajab, bakal loba pagebug lantaran ganti hawa
  8. Lamun datang samagaha dina bulan Rayagung, bakal loba jalma nu prihatin lantaran loba panyakit
  9. Lamun datang samagaha dina bulan Rewah, bakal marurah dahareun
  10. Lamun datang samagaha dina bulan Sapar, bakal loba jalma sarusah lantaran sumur-sumur loba nu saraat
  11. Lamun datang samagaha dina bulan Sawal, bakal aya pagebug lantaran loba paceklik (epidemi), tipes jeung réa-réa deui
  12. Lamun datang samagaha dina bulan Silih-Mulud, bakal loba jalma sarusah lantaran loba anu maraot
  13. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 12-13, bakal keur perkara
  14. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 1-3, bakal susah haté
  15. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 13-15, bakal riweuh haté
  16. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 15-17, bakal kasémahan
  17. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 17-19, bakal kasémahan, meunang rejeki
  18. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 19-21, bakal meunang rejeki
  19. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 21-23, bakal datang panyakit
  20. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 23-1, bakal kadatangan baraya
  21. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 3-5, bakal meunang untung
  22. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 5-7, bakal rék kasémahan
  23. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 7-9, bakal rék kaondangan
  24. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 9-11, bakal kaluar duit
  25. Lamun katorékan ceuli kénca jam 11-13, bakal rék ribut
  26. Lamun katorékan ceuli kénca jam 1-3, bakal rék nyaba
  27. Lamun katorékan ceuli kénca jam 13-15, bakal kaluar duit
  28. Lamun katorékan ceuli kénca jam 15-17, bakal rék kaondangan
  29. Lamun katorékan ceuli kénca jam 17-19, bakal aya nu rék nyaba, tapi meunang perkara
  30. Lamun katorékan ceuli kénca jam 19-21, bakal meunang perkara
  31. Lamun katorékan ceuli kénca jam 21-23, bakal aya sémah
  32. Lamun katorékan ceuli kénca jam 23-1, bakal nampa kiriman
  33. Lamun katorékan ceuli kénca jam 3-5, bakal kaluar duit
  34. Lamun katorékan ceuli kénca jam 5-7, bakal rék kaondangan
  35. Lamun katorékan ceuli kénca jam 7-9, bakal aya béja kabungahan
  36. Lamun katorékan ceuli kénca jam 9-11, bakal mikaran perkara
  37. Lamun kekedutan dina beuheung, bakal meunang kahadéan
  38. Lamun kekedutan dina beuteung, bakal meunang kabungahan
  39. Lamun kekedutan dina bitis katuhu, bakal halangan
  40. Lamun kekedutan dina bitis kénca, bakal meunang untung
  41. Lamun kekedutan dina biwir handap, bakal téréh ngomong (budak leutik)
  42. Lamun kekedutan dina biwir luhur, bakal paséa
  43. Lamun kekedutan dina biwir panon katuhu, bakal ceurik atawa datang ka sedih
  44. Lamun kekedutan dina biwir panon kénca, bakal meunang kabungah
  45. Lamun kekedutan dina bujal, bakal meunang milik
  46. Lamun kekedutan dina cangkéng katuhu, bakal meunang milik
  47. Lamun kekedutan dina cangkéng kénca, bakal susah
  48. Lamun kekedutan dina ceuli katuhu, bakal aya béja hadé
  49. Lamun kekedutan dina ceuli kénca, bakal meunang kabungah
  50. Lamun kekedutan dina dada katuhu, bakal papanggih jeung baraya
  51. Lamun kekedutan dina dada kénca, bakal meunang kabungahan
  52. Lamun kekedutan dina dampal leungeun katuhu, bakal meunang barang
  53. Lamun kekedutan dina dampal leungeun kénca, bakal miceun-miceun (hambur, loba pengeluaran)
  54. Lamun kekedutan dina dampal suku katuhu, bakal iinsitan jauh
  55. Lamun kekedutan dina dampal suku kénca, bakal susah
  56. Lamun kekedutan dina embun-embunan, bakal meunang pangkat
  57. Lamun kekedutan dina gado, bakal meunang kahadéan
  58. Lamun kekedutan dina halis katuhu, bakal nampa duit
  59. Lamun kekedutan dina halis kénca, bakal bungah
  60. Lamun kekedutan dina irung beulah katuhu meunang tugenah
  61. Lamun kekedutan dina irung beulah kénca, nampa surat
  62. Lamun kekedutan dina kénca, bakal meunang milik
  63. Lamun kekedutan dina keuneung katuhu, bakal meunang bagja
  64. Lamun kekedutan dina keuneung kénca, bakal papanggih jeung baraya
  65. Lamun kekedutan dina létah, bakal cilaka
  66. Lamun kekedutan dina pingping katuhu, bakal papanggih jeung sobat
  67. Lamun kekedutan dina pingping kénca, bakal aya kahadéan
  68. Lamun kekedutan dina pipi katuhu, bakal gering
  69. Lamun kekedutan dina pipi kénca, bakal meunang kasusah
  70. Lamun kekedutan dina puhu leungeun katuhu, bakal papanggih jeung baraya
  71. Lamun kekedutan dina puhu leungeun kénca, bakal aya kahadéan
  72. Lamun kekedutan dina siku katuhu, bakal boga duit
  73. Lamun kekedutan dina siku kénca, bakal aya nu asih
  74. Lamun kekedutan dina sirah, bakal meunang kahadéan
  75. Lamun kekedutan dina susu katuhu,  rék nampa milik
  76. Lamun kekedutan dina taktak katuhu, bakal meunang duit
  77. Lamun kekedutan dina taktak kénca, bakal aya nu ngahina
  78. Lamun kekedutan dina tarang, bakal aya nu ngahormat
  79. Lamun kekedutan dina tonggong suku katuhu, bakal aya kahadéan
  80. Lamun kekedutan dina tonggong suku kénca, bakal gering
  81. Lamun kekedutan dina tonggong, bakal bagja
  82. Lamun kekedutan dina tuur katuhu, bakal cilaka
  83. Lamun kekedutan dina tuur kénca, bakal bungah
  84. Lamun kekedutan dina ugel-ugel suku katuhu, bakal cilaka
  85. Lamun kekedutan dina ugel-ugel suku kénca, bakal aya kahadéan
  86. Lamun kekedutan dina walikat katuhu, bakal tugenah
  87. Lamun kekedutan dina walikat kénca, bakal tinekanan pamaksadan
  88. Lamun ngimpi asup kana es, bakal aya katugenahan
  89. Lamun ngimpi asup kana seuneu, bakal cilaka
  90. Lamun ngimpi awak begang, bakal susah
  91. Lamun ngimpi awak buluan, bakal meunang milik
  92. Lamun ngimpi awak getihan atawa kaluar getih, bakal meunang katugenahan
  93. Lamun ngimpi awak lintuh, bakal aya nu ngahormat
  94. Lamun ngimpi aya angina puyuh, bakal aya nu datang
  95. Lamun ngimpi aya nu datang (nyémah), bakal aya nu ngahina, nu ngahinana éta jalma nu kaimpikeun
  96. Lamun ngimpi aya nu méré ali, bakal aya nu mikanyaah
  97. Lamun ngimpi aya nu méré anjing (kicik), aya nu ngahina
  98. Lamun ngimpi aya nu méré baju, bakal aya nu ngéwa
  99. Lamun ngimpi aya nu méré barang emas/pérak, bakal aya nu nyaah
  100. Lamun ngimpi aya nu méré béas, bakal aya nu ngahina.