Selasa, 06 Maret 2018

Pupuh Balakbak

#5 Pupuh Balakbak

pupuh sunda
animals.howstuffworks.com
Watek Pupuh Balakbak: Guyonan, komedi (banyol), atau candaan (heureuy) tentang kehidupan sehari-hari.
Jumlah padalisan: Pupuh ini hanya terdiri dari 3 padalisan (baris) saja dalam satu pada (bait).
Pola guru wilangan dan guru lagu: 15-é, 15-é, 15-é atau bisa ditulis 12+3e, 12+3e, 12+3e.

Contoh Pupuh Balakbak Aya Warung Sisi Jalan

Aya warung sisi jalan ramé pisan, citaméng (15-e)
Awéwéna luas luis geulis pisan, ngagoréng (15-e)
Lalakina-lalakina los ka pipir nyoo monyét, nyanggéréng (15-e).

Pupuh Balakbak Dayeuh Bandung

Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame, araheng
Gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunna, alagreng
Tutumakan-tutumpakan balawiri lalar-liwat, garandeng

Pupuh Balakbak Aya Monyet

Aya monyet ting guntayang dina tangkal, nerekel
Jalu bikang jeung anakna sukan-sukan, rarecet
Tingcalekroh-tingcalekroh ngakanan manggu nu asak, teu repeh.

Kocap aya begog nu misah sorangan, garetek
Kulit manggu pirang – pirang dihakanan, diseget
Dipiceunan-dipiceunan sabab pait karasana, molelel

Katenjoeun ku indungna dicontoan, dipesek
Nu dihakan eusina anu barodas, amis teh
Geus kitu mah geus kitu mah anakna ngarasa bungah, nyerengeh.

Pupuh Balakbak Aya Manuk

Aya manuk eunteup dina regang dahan, cinenten
Ucing ngintip ngadepong asoy-asoyan, si emeng
Sanggeus deukeut sanggeus deukeut dirontok arek dihakan, bermanten

Ucing sial tigebrus dasar keur sial, ku sue
Hanas ngintip titadi geus lila pisan, nyerengen
Kari kari kari kari kalah tigebrus cilaka, si emeng

Kabeneran ku jalma anu rek nimba, katangen
Ditulungan ucing diasongan timba, nyanggereng
Pek ditarik pek ditarik ati-ati lalaunan, dikerek

Geus kaluhur si emeng gancang jleng luncat, ngelemes
Uang iung nganuhunkeun kanu haat, geus ngerek
Tadina mah tadina mah disangkana eta jalma, rek gereng.

0 comentários:

Posting Komentar