Selasa, 06 Maret 2018

Pupuh Sinom

#2 Pupuh Sinom

pupuh sunda
kebahagiaan2u.net
Watak Pupuh Sinom: Menggambarkan perasaan senang atau kegembiraan (gumbira), kasih sayang (kadeudeuh), dan semangat (sumanget).
Jumlah padalisan: 9 padalisan dalam setiap pada (bait)
Pola guru wilangan dan guru lagu: 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a.

Contoh Pupuh Sinom

Di wetan fajar balebat (8-a)
Panon poe arek bijil (8-i)
Sinarna ruhay burahay (8-a)
Kingkilaban beureum kuning (8-i)
Campur wungu saeutik (7-i)
Kaselapan semu biru (8-u)
Tanda Batara Surya (7-a)
Bade lumungsur ka bumi (8-i)
Murub mubyar langit sarwa hurung herang (12-a)

Mapag balebat ti wetan
Ngabring leumpang ngagaridig
Barudak rek sarakola
Kapireng pating hariring
Paheula heula nepi
Unggal isuk geus ngabaku
Bari garogonjakan
Estuning saruka ati
Sarerea hayang geura dialajar

Pupuh Sinom Tatar Sunda

Tatar Sunda estu endah
lemah cai awit jadi
sarakan asal gumelar
amanat Ilahi Robbi
titipan nini aki
wajib dijaga dijungjung
basa katut budayana
padumukna luhung budi
insya Allah tatar Sunda karta harja

Pupuh Sinom Harta pada Nareangan

Harta pada nareangan
Harti pada nyararungsi
Sabab duanana guna
Harti bisa mere bukti
Harta pon kitu deui
Bisa ngabul nu di maksud
Neudunan sakahayang
Tapi harta gancang leungit
Mungguh harti mangfaat dunya akherat

Harta pada nareangan
Harti pada narambahan
Harta harti sarua guna
Pada bisa mere bukti
Bisa hasil sapaneja
Sok nyumponan cita-cita
Harta harti sok mangfaat
Dapon di raksa taliti

0 comentários:

Posting Komentar