Selasa, 06 Maret 2018

Pupuh Dangdanggula

#4 Pupuh Dangdanggula

pupuh sunda
shorelineareanews.com
Watek Pupuh Dangdanggula: Pupuh Sunda Dangdanggula memiliki watek keindahan (kawaasan), kesenangan (kagumbiraan), ketentraman (katengtraman), atau kebesaran (kaagungan).
Jumlah padalisan: 10 padalisan (baris) dalam satu pada (bait).
Pola guru wilangan dan guru lagu: 10-i, 10-a, 8-é/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a.
Pupuh Dangdanggula memiliki pola yang lebih panjang daripada pupuh Sinom karena terdiri dari 10 padalisan (baris).

Contoh Pupuh Dangdanggula

Laut Kidul kabeh katingali (10-i)
Ngembat paul kawas dina gambar (10-a)
Ari ret ka tebeh kaler (8-e)
Batawi ngarunggunuk (7-u)
Lautna mah teu katingali (9-i)
Ukur lebah lebahna (7-a)
Semu semu biru (6-u)
Ari ret ka tebeh wetan (8-a)
Gunung gede jiga nu ngajakan balik (12-i)
Meh bae kapiuhan (7-a)

Pasosore nyawang bandung asri
Basa kuring ulin ka isola
Ti dieu ti belah kaler
Tembong di lingkung gunung
Kota kembang bangun nu sepi
Beut teu kapireung sora
Da geus puguh jauh
Langitna kacida lenglang
Estu taya mega bodas aling aling
Sore ieu bengras pisan.

Pupuh Dangdanggula Mega Beureum

Méga beureum surupna geus burit [10-i]
Ngalanglayung panas pipikiran [10-a]
Cikur jangkung jahé konéng [8-é]
Naha teu palay tepung [7-u]
Simabdi mah ngabeunying leutik [9-i]
Ari ras cimataan [7-a]
Gedong tengah laut [6-u]
Ulah kapalang nya béla [8-a]
Paripaos gunting pameulahan gambir [12-i]
Kacipta salamina [7-a].

Pupuh Dangdanggula Milangkala

Dinten ieu éstu bingah ati (10-i)
Ku jalaran panceg milang kala (10-a)
Kenging kurnia ti Alloh (8-o)
Rehing nambihan umur (7-u)
Tepung taun usum sim abdi (9-i)
Heunteu weleh neneda (7-a)
Ka Gusti nu Agung (6-u)
Malar umur téh mangpa’at (8-a)
Tebih bahla turta pinarinan rijki (12-i)
Sumujud ka Pangéran (7-a).

Pupuh Dangdanggula Sing Aringet

Sing aringet ulah salah harti
Ngomongkeun batur téh penting pisan
Ngomong-ngomong tong polontong
Kabéh ngomongkeun batur
Keur muru hirup nu walagri
Diajar ngalalampah
Napak hirup batur
Maca kana pangalaman
Léngkah nu hade keur picontoeun diri
Nu goréng mah singkahan

Pupuh Dangdanggula Lambang RI

Lambang RI
Jero ngandung harti
Lamun bener di amalkeun nana
Persatuan tangtu tembong
Teu cukup ku di sebut
Atawa  na apalna biwir
Bhineka tunggal ika
Maksudna gumulung
Kabeh seler-seler bangsa beda-beda
Tatapi asal sagetih
Tapi sa asal

Panambih
Hiji basa
Hiji bangsa
Basa bangsa indonesia
Hiji bangsa
Hiji nusa
Nusa tunggal nusantara
Seler-seler suku bangsa
Ti wewengkon mana mana
Saka suka saka duka
Wujud bangsa indonesia

0 comentários:

Posting Komentar