Selasa, 06 Maret 2018

Pupuh Gambuh

#7 Pupuh Gambuh

pupuh sunda
Watak Pupuh Gambuh: Perasaan seseorang yang sedang bersedih hati (kasedih), sakit hati (kanyeri), atau keadaan sulit (kasusah).
Guru wilangan dan guru lagu: Pola 7-u, 10-u, 12-i, 8-u, 8-o.
Pupuh Gambuh terdiri dari 5 padalisan.

Contoh Pupuh Gambuh

Ngahuleng banget bingung (7-u)
Heunteu terang kamana nya indit (10-u)
Turug-turug harita teh, enggeus burit (12-i)
Panonpoe geus rek surup (8-u)
Keueung sieun, aya meong (8-o)

Hulang-huleng, hulang-huleng
Ngahuleng ngaraga meneng
Hate ratug, tutunggulan
Heunteu terang, kaler-kidul
Turug-turug, turug-turug
Harita teh, enggeus burit
Panonpoe geus rek surup
Keueung sieun aya meong.

Pupuh Gambuh Kaduhung

Kaduhung sagede gunung,
kuring sakola teu jucung,
lalawora resep ulin,
hanjakal tara ti heula,
ayeuna kari peurihna.

Pupuh Gambuh Beurit Lintuh

Tuh itu beurit lintuh 7-u,
Mani rendeuy anakna sapuluh 10-u,
Arilikan gambarna masing taliti 12-i
Anakna kabéh ngariung 8-u
Saregep hormat ka kolot 8-o

Indungna pok Mitutur 7-u,
Anaking kudu waspada hirup 10-u,
Lamun manggih hakaneun nga gantung seungit 12-i
Omat ulah rek katipu 8-u
Sabab enggeus rea conto 8-u

Indung beurit di kukuntit
Ku anakna nu sapuluh
Indung gerah anak bungah
Sempal guyon jeung ngaguruh
Terus jempe simpe rehe
Kabeh anak ngariung
Bari sikep jeung paregep
Ngabandungan Sabda indung

Indung beurit pok wawangkit
Anaking kudu waspada
Entong moho ku pangolo
Bisi tamatna cilaka

Kadaharan jadi eupan
Ngagantung matak kabita
Lamun gawok popolohok
Raga papisah jeung nyawa.

Pupuh Gambuh Coba Pada pada Teguh

Coba pada-pada teguh 7-u
Anu lintuh awakna bayuhyuh 10-u
Pagawean aya di sawah pa tani 12-i
Papasangan sok diadu 8-u
Eta teh munding jeung kebo 8-o

Digawe pasusubuh 7-u
Ti isuk-isuk terus digayuh 10-u
Kia mideur kia mideur bari seuri 12-i
Pa tani terus ngalagu 8-u
Tungtung gawe geus katembong 8-o.

0 comentários:

Posting Komentar