Selasa, 06 Maret 2018

Pupuh Pangkur

#14 Pupuh Pangkur


pupuh sunda
bizjournals.com

Watek Pupuh Pangkur: Menggambarkan perasaan kesal atau marah yang terpendam di dalam hati dikarenakan adanya tugas atau beban yang sangat berat.
Pola guru wilangan dan guru lagu: 8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-i.

Pupuh Pangkur Bapa Doblang

bapa doblang pada terang
kumis baplang nuruban biwir nu jeding
pipi kemong irung mancung
panon buringas hérang
goréng omong gawang geuweung harung gampung
pantrang mayar kana hutang
licik sarta sok curaling

hiji mangsa bapa doblang
weureu gadung kabebeng gulang-guling
jol nu nagih hutang sarung
gancang ngoréjat hudang
ngambek nyereng bari ngamang-ngamang pentung
bapa doblang leng ngoléang
labuh nyungkur biwir suwing

*tandak/panambih
euleuh, itu bapa doblang
notorogan boro baé kumis baplang
puas nyorang weureu gadung
beuteung bebeng lieur lanjung humaregung
matak ogé hirup urang
entong bedang bedegong curaling
bisi kawas bapa doblang
wawales tisuksruk jeung suwing

mana kalakuan urang
kudu bener ulah leuwih ulah kurang
sabab laku lampah urang
mawa jalan lara bagja nu disorang
usik malik beurang peuting
Gusti Alloh nu héman nu asih
ucap lampah haté wening
ciri jalma utama beresih

Contoh Pupuh Pangkur

Seja nyaba ngalalana (8-a)
Ngitung lembur ngajajah milangan kori (11-i)
Heunteu puguh nu dijugjug (8-u)
Balik paman sadaya (7-a)
Nu timana tiluan semu rarusuh (12-u)
Lurah begal ngawalonan (8-a)
Aing ngaran Jayapati (8-i)

Euleuh itu budak gembul
Awak gembru bayuhyuh gawena kedul
Ukur heuay jeung nundutan
Ka sakola unggal poe kabeurangan
He barudak tong nurutan
Ka nu gembul kokomoan
Bisi kedul jeung ogoan
Awal akhir katempuhan

Pupuh Pangkur Ka Sakola

Seja miang ka sakola
rek diajar nambahan elmu pangarti
pigeusaneun bekel hirup
sabab mungguhing manusa
kudu pinter beunghar ku elmu panemu
komo jaman pangwangunan
urang kudu singkil bakti

0 comentários:

Posting Komentar