Selasa, 06 Maret 2018

Pupuh Magatru

#11 Pupuh Magatru

pupuh sunda
novel.id
Watek Pupuh Magatru: Menggambarkan perasaan sedih, kecewa, atau penyesalan (handeueul) terhadap diri sendiri, bisa juga berwatak (watek) menasihati.
Pola guru wilangan dan guru lagu: 12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o

Contoh Pupuh Magatru Majalaya

Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung (12-u)
Kopo reujeung Cisondari (8-i)
Cicalengka, Ujung Berung (8-u)
Rajamandala, Cimahi (8-i)
Leles, Limbangan, Tarogong (8-o)

Nun sumuhun nu iéu namina curuk
Nu sisi namina cingir
Nu tengah nami jajangkung
Nu deukeut cingir jariji
Anu pangageungna jempol.

Pupuh Magatru Kasar-Lemes

Dupi irung lemesna téh nya pangambung (12-u)
Pipi mah disebat damis (8-i)
Upami buuk mah rambut (8-u)
Ceuli sok disebat cepil (8-i)
Kasarna angkeut mah gado (8-o)

Pupuh Magatru Coba Teguh

Coba teguh naon nu sukuna tilu
Panon opat henteu galib
Leumpangna rumanggieung laun
Éstuning ku matak watir
Dongko bari oho-oho.

Pupuh Magatru Tangkuban Parahu

Huuuuuh huuuuh 4x
Hayu batur urang tatarucingan
Urang ngasah akal jeung pikiran
Urang kudu cerdas reujeung pinter
Ulah dibobodo ku anak deungeun

Mu jadi jalma nu bodo
Rugi kacida pisan

Hiji tokoh dongeng tangkuban parahu
Ngudag-ngudag Dayang Sumbi
Teu yakin eta teh indung
Dibejaan keuekeuh julig
Dasar anak bedegong

Kota naon dilingkung ku gunung-gunung
Kota kembang nu kawarti
Dideugdeung pada ngajugjug
Daratang neangan pangarti
Coba teguh kota naon.

0 comentários:

Posting Komentar