Selasa, 06 Maret 2018

Pupuh Maskumambang

#12 Pupuh Maskumambang


pupuh sunda
weheartit.com

Watek Pupuh Maskumambang: Rasa prihatin, kesedihan (kanalangsaan), atau sakit hati (nyeri hate).
Pola guru wilangan dan guru lagu: 12-i, 6-a, 8-i, 8-a.

Contoh Pupuh Maskumambang Itu Kusir

Itu kusir bangun ambek-ambek teuing
Turun tina delman
Kuda dipecutan tarik
Teu aya pisan ras-rasan

Teu ngaraskeun bong kena ka sato laip
Padahal mogokna
Lantaran geus cape teuing
Hayang ngaso eureun heula

Coba lamun aya nu nenggel ka kusir
Geus tangtu karasa
Nyeri moal salah deui
Sato ge kitu sarua

Naha abong abong teuing
Nasib abdi jadi hewan
Digawekeun berang peting
Dirangket taya ras rasan

Abong kena abdi sato
Teu ngaraskeun kana cape
Sadidinten paeh poso
Mogok soteh awak lungse

Coba kusir mun di peupeuh
Pasti nyeri karasana
Sato oge tangtu leumpeuh
Pada-pada boga rasa.

Pupuh Maskumambang Budak Harak

Anak manuk dikatepel budak harak (12-i)
Jangjangna geutihan (6-a)
Rék hiber teu bisa usik (8-i)
Duh manusa kaniaya (8-a)

Pupuh Maskumambang Hey Barudak

Hey barudak kudu mikir ti leuleutik
manéh kahutangan
ku kolot ti barang lahir
tepi ka ayeuna pisan

Maranéh téh kudu baé boga pikir
keur mulang tarima
ka kolot rék males asih
di mana geus cumarita.

Pupuh Maskumambang Hey Manusa

Hey manusa mana kaniyaya teuing (12-i)
Teu aya rasrasan (6-a)
Kawula make disumpit (8-i)
Naha naon dosa kula (8-a)

0 comentários:

Posting Komentar