Selasa, 06 Maret 2018

Pupuh Kinanti

#1 Pupuh Kinanti


pupuh sunda

Watak Pupuh Kinanti: Menggambarkan perasaan sayang (kanyaah), menunggu (nungguan), dan khawatir (deudeupeun).
Jumlah padalisan: 6 baris (padalisan) dalam satu pada (bait).
Pola guru wilangan beserta guru lagu: 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i
Uniknya, di dalam pupuh Kinanti ini, setiap padalisan (baris) dalam pupuh Kinanti hanya terdiri dari 8 guru lagu atau suku kata saja.

Contoh Pupuh Kinanti

Kembang ros ku matak lucu (8-u)
Nya alus rupa nya seungit (8-i)
Henteu aya papadana (8-a)
Ratuning kembang sajati (8-i)
Papaes di patamanan (8-a)
Seungit manis ngadalingding (8–i)

Pupuh Kinanti Budak Leutik Bisa Ngapung

Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Neangan nu amis amis
Sarupaning bungbuahan
Naon bae nu kapanggih

Pupuh Kinanti Kanyaah Indung

Kanyaah indung mo suwung
Lir jaladri tanpa tepi
Lir gunung tanpa tutugan
Asihna teuing ku wening
Putra teh di dama dama
Di anggo pupunden ati

Contoh Pupuh Kinanti tentang Buah-buahan

loba anu resep cau
cau kesed jeung nu amis
nu kesed ngeunah dirujak
digoreng ngeunah nu amis
mun cau henteu dirujak
kudu milih anu amis

Pupuh Kinanti Eta Naon Nu Ngahiung

Itu naon nu ngahiung
Suat-siet henteu cicing
Ngawang-ngawang kawas heulang
Muter karalang-kuriling
Sihoréng kapal nu urang
Kapal udara ngalingling

0 comentários:

Posting Komentar