Jumat, 22 April 2016

Kumpulan Kila-kila Bagian ka-4


  1. Lamun ngimpi naék ka gunung, makal meunang milik
  2. Lamun ngimpi naék ka langit, bakal luhung élmuna jembar pangaweruhna.
  3. Lamun ngimpi naék karéta, bakal kaleungitan milik
  4. Lamun ngimpi naék tangkal kalapa potong tengahna, bakal aya kakapaténan.
  5. Lamun ngimpi naék tangkal kalapa, bakal aya nu méré hutang.
  6. Lamun ngimpi namapa permata (inten), bakal meunang  milik gedé
  7. Lamun ngimpi nampa duit, bakal meunang kasusah
  8. Lamun ngimpi nénjo hujan, bakal meunang milik
  9. Lamun ngimpi neunggeulan budak, bakal meunang kasusah
  10. Lamun ngimpi neunggeulan oray, bakal ngéléhkeun musuh urang
  11. Lamun ngimpi ngadahar daging embé, bakal aya nu méré salaki/pamajikan
  12. Lamun ngimpi ngadahar daging oray, bakal aya nu nganiaya
  13. Lamun ngimpi ngadahar gula, bakal aya nu jahat
  14. Lamun ngimpi ngadahar lauk hayam, bakal meunang untung
  15. Lamun ngimpi ngadahar taneuh, bakal meunang milik
  16. Lamun ngimpi ngajaring manuk, bakal meunang rejeki
  17. Lamun ngimpi ngajuru, bakal datang milik
  18. Lamun ngimpi ngala anggur, bakal meunang kabungah
  19. Lamun ngimpi ngala buah dalima, bakal meunang milik
  20. Lamun ngimpi ngala cau arasak tuluy didahar, bakal meunang kabungah
  21. Lamun ngimpi ngala jeruk, bakal meunang kasedihan
  22. Lamun ngimpi ngala lauk cai, bakal meunang untung
  23. Lamun ngimpi ngala manuk merak, bakal boga kabogoh
  24. Lamun ngimpi ngala pare, bakal meunang kasusah
  25. Lamun ngimpi ngala seuneu, bakal susah
  26. Lamun ngimpi ngambek, bakal meunang katugenah
  27. Lamun ngimpi ngambeu bangké, bakal manggih tugenah
  28. Lamun ngimpi ngambeu seuseungitan, bakal aya nu mikanyaah
  29. Lamun ngimpi ngapung, bakal meunang susah
  30. Lamun ngimpi ngarasa sieun, bakal meunang kacilakaan
  31. Lamun ngimpi ngawangong sareng wali nu mana baé, bakal boga élmu nu luhur
  32. Lamun ngimpi nginum, bakal aya nu ngéwa
  33. Lamun ngimpi ngising, bakal kaleungitan
  34. Lamun ngimpi ngojay, bakal teu tinekanan paniatan
  35. Lamun ngimpi ngudud (nyeupah), bakal aya nu ngahina (ngahampas)
  36. Lamun ngimpi ningal Baitullah, bakal meunang kamurahan
  37. Lamun ngimpi ningal batu hideung, bakal meunang bebendon ti Pangéran
  38. Lamun ngimpi ningal béntang ragrag ka imah urang, bakal meunang milik
  39. Lamun ngimpi ningal beuteung sorangan, bakal meunang kasenangan
  40. Lamun ngimpi ningal bulan jeung panonpoé, bakal aya karusakan di nagarana
  41. Lamun ngimpi ningal bulan, bakal loba nu asih
  42. Lamun ngimpi ningal cahaya beureum, hideung, koneng, jeung bodas, bakal bakal deukeut kana waktuna (paéh)
  43. Lamun ngimpi ningal cahaya, bakal dihampuara dosana
  44. Lamun ngimpi ningal camara bodas, bakal ngalalakon hirupna
  45. Lamun ngimpi ningal jalan ngemplong, bakal ditangtayungan hirupna
  46. Lamun ngimpi ningal jalma ngapung, bakal luas pikiran
  47. Lamun ngimpi ningal loba hayam, bakal bakal meunang loba sobat (batur)
  48. Lamun ngimpi ningal masigit rubuh, bakal aya kasusah gédé
  49. Lamun ngimpi ningal Nabi Muhammad SAW, bakal aya nu méré berekah
  50. Lamun ngimpi ningal pajaratan para wali, bakal aya nu ngahijikeun kana dirina (kasumpingan)
  51. Lamun ngimpi ningal panonpoé kembar, bakal aya kaributan/perang di nagara
  52. Lamun ngimpi ningal rupa sorangan, bakal loba nu hayang kapanggih
  53. Lamun ngimpi ningal sahabat Rasulullah, bakal naék pangkat atawa meunang jabatan luhur..
  54. Lamun ngimpi ningal sawarga, bakal boga élmu maripat
  55. Lamun ngimpi ningal talaga, bakal meunang rejeki
  56. Lamun ngimpi ningal tangkal dihandapeun, bakal dihormat ku sasama
  57. Lamun ngimpi ningal tangkal nyagak dua, bakal meunang kasusahan
  58. Lamun ngimpi ningal walungan caah, bakal aya nu ambek
  59. Lamun ngimpi ningali naraka, bakal teu bisa hirup senang
  60. Lamun ngimpi numpak kapal udara, bakal aya milik gedé
  61. Lamun ngimpi numpak kuda, bakal salamet, naon nu dimaksuk tinekanan
  62. Lamun ngimpi numpak maung, bakal meunang darajat
  63. Lamun ngimpi numpak naga, bakal hasil sagala nu dimaksud
  64. Lamun ngimpi nyangu, bakal meunang kasusahan
  65. Lamun ngimpi nyiduh diwadahan, sarta ciduhna ngagibleg siga ager, bakal meunang kabungahan sarta diberkahan ku umat Nabi.
  66. Lamun ngimpi nyiduh, bakal meunang kasusah
  67. Lamun ngimpi nyolatkeun mayit, bakal aya nu ngabéla lahir batin
  68. Lamun ngimpi nyukang tapi cukangna potong, bakal meunang susah
  69. Lamun ngimpi nyukang, bakal bakal meunang kabungahan
  70. Lamun ngimpi paéh, bakal boga milik
  71. Lamun ngimpi palid, bakal meunang susah
  72. Lamun ngimpi papendak jeung Imam Mahdi, bakal jadi sampurna hirupna dunya ahérat
  73. Lamun ngimpi papendak sareng Nabi Adam AS, bakal meunang kabungah
  74. Lamun ngimpi papendak sareng Ratu Adil, bakal jadi jalma nu nangtayungan dunya (Pamingpin)
  75. Lamun ngimpi paséa, bakal aya nu nyaah
  76. Lamun ngimpi puasa, bakal meunang darajat
  77. Lamun ngimpi rék indit hésé disamping, bakal kawiwirangan
  78. Lamun ngimpi rék indit tapi hésé rék digelung udar-ider deui, bakal aya nu mikangéwa
  79. Lamun ngimpi rék indit tinggaleun selop atawa sapatu, bakal aya nu sirik.
  80. Lamun ngimpi rék nyiduh tapi hésé kaluarna, bakal jadi jalma teu teu boga kasieun (wanian)
  81. Lamun ngimpi saré, bakal butek pamikiran
  82. Lamun ngimpi sasauran jeung pamingpin (Présidén), bakal meunang kabungah (naon waé nu dipimaksud bakal tinekanan)
  83. Lamun ngimpi sholat, bakal sagala pagawéanna dihampuara
  84. Lamun ngimpi sukan-sukan, bakal susah
  85. Lamun ngimpi tangkal cau rubuh, bakal aya nu gering cepot
  86. Lamun ngimpi teuleum ka jero cai, bakal meunang kasenangan
  87. Lamun ngimpi urang ménta dihampura ka kolot, bakal dihampuara dosana ku Pangéran (Allah)
  88. Lamun ngimpi wudu, bakal sampurna hirupna
  89. Lamun sumeblak haté jam 1-2, bakal aya nu ngondang
  90. Lamun sumeblak haté jam 3-5, bakal hajat
  91. Lamun sumeblak haté jam 5-7, bakal meunang kabungah
  92. Lamun sumeblak haté jam 7-9, bakal aya nu nanyaan
  93. Lamun sumeblak haté jam 9-11, bakal dahar nu ngeunah
  94. Lamun sumeblak haté jam 11-13, bakal dipikabogoh
  95. Lamun sumeblak haté jam 13-15, bakal meunang rejeki
  96. Lamun sumeblak haté jam 15-17, bakal meunang kabungahan
  97. Lamun sumeblak haté jam 17-19, bakal datang sémah
  98. Lamun sumeblak haté jam 19-23, bakal pacogrékan
  99. Lamun sumeblak haté jam 23-1, bakal …… aya nu ngalamar anak urang

0 comentários:

Posting Komentar