Jumat, 22 April 2016

Kumpulan Kila-kila Bagian ka-2



  1. Lamun datang samagaha dina bulan Hapit, bakal loba hujan angina (caah, urug, jrrd)
  2. Lamun datang samagaha dina bulan Jumadil-Ahir, bakal loba jalma nu bungah lantaran papakéan jeung dahareun marurah
  3. Lamun datang samagaha dina bulan Jumadil-Awal, bakal aya caah gedé dina waktu ieu mindeng hujan
  4. Lamun datang samagaha dina bulan Muharam, bakal loba jalma nu meunang kacilakaan lantaran loba bencana alam
  5. Lamun datang samagaha dina bulan Mulud, bakal pagebug gedé
  6. Lamun datang samagaha dina bulan Puasa, bakal loba jalma nu paraéh lantaran paceklik (hongeroedeam)
  7. Lamun datang samagaha dina bulan Rajab, bakal loba pagebug lantaran ganti hawa
  8. Lamun datang samagaha dina bulan Rayagung, bakal loba jalma nu prihatin lantaran loba panyakit
  9. Lamun datang samagaha dina bulan Rewah, bakal marurah dahareun
  10. Lamun datang samagaha dina bulan Sapar, bakal loba jalma sarusah lantaran sumur-sumur loba nu saraat
  11. Lamun datang samagaha dina bulan Sawal, bakal aya pagebug lantaran loba paceklik (epidemi), tipes jeung réa-réa deui
  12. Lamun datang samagaha dina bulan Silih-Mulud, bakal loba jalma sarusah lantaran loba anu maraot
  13. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 12-13, bakal keur perkara
  14. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 1-3, bakal susah haté
  15. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 13-15, bakal riweuh haté
  16. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 15-17, bakal kasémahan
  17. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 17-19, bakal kasémahan, meunang rejeki
  18. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 19-21, bakal meunang rejeki
  19. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 21-23, bakal datang panyakit
  20. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 23-1, bakal kadatangan baraya
  21. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 3-5, bakal meunang untung
  22. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 5-7, bakal rék kasémahan
  23. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 7-9, bakal rék kaondangan
  24. Lamun katorékan ceuli katuhu jam 9-11, bakal kaluar duit
  25. Lamun katorékan ceuli kénca jam 11-13, bakal rék ribut
  26. Lamun katorékan ceuli kénca jam 1-3, bakal rék nyaba
  27. Lamun katorékan ceuli kénca jam 13-15, bakal kaluar duit
  28. Lamun katorékan ceuli kénca jam 15-17, bakal rék kaondangan
  29. Lamun katorékan ceuli kénca jam 17-19, bakal aya nu rék nyaba, tapi meunang perkara
  30. Lamun katorékan ceuli kénca jam 19-21, bakal meunang perkara
  31. Lamun katorékan ceuli kénca jam 21-23, bakal aya sémah
  32. Lamun katorékan ceuli kénca jam 23-1, bakal nampa kiriman
  33. Lamun katorékan ceuli kénca jam 3-5, bakal kaluar duit
  34. Lamun katorékan ceuli kénca jam 5-7, bakal rék kaondangan
  35. Lamun katorékan ceuli kénca jam 7-9, bakal aya béja kabungahan
  36. Lamun katorékan ceuli kénca jam 9-11, bakal mikaran perkara
  37. Lamun kekedutan dina beuheung, bakal meunang kahadéan
  38. Lamun kekedutan dina beuteung, bakal meunang kabungahan
  39. Lamun kekedutan dina bitis katuhu, bakal halangan
  40. Lamun kekedutan dina bitis kénca, bakal meunang untung
  41. Lamun kekedutan dina biwir handap, bakal téréh ngomong (budak leutik)
  42. Lamun kekedutan dina biwir luhur, bakal paséa
  43. Lamun kekedutan dina biwir panon katuhu, bakal ceurik atawa datang ka sedih
  44. Lamun kekedutan dina biwir panon kénca, bakal meunang kabungah
  45. Lamun kekedutan dina bujal, bakal meunang milik
  46. Lamun kekedutan dina cangkéng katuhu, bakal meunang milik
  47. Lamun kekedutan dina cangkéng kénca, bakal susah
  48. Lamun kekedutan dina ceuli katuhu, bakal aya béja hadé
  49. Lamun kekedutan dina ceuli kénca, bakal meunang kabungah
  50. Lamun kekedutan dina dada katuhu, bakal papanggih jeung baraya
  51. Lamun kekedutan dina dada kénca, bakal meunang kabungahan
  52. Lamun kekedutan dina dampal leungeun katuhu, bakal meunang barang
  53. Lamun kekedutan dina dampal leungeun kénca, bakal miceun-miceun (hambur, loba pengeluaran)
  54. Lamun kekedutan dina dampal suku katuhu, bakal iinsitan jauh
  55. Lamun kekedutan dina dampal suku kénca, bakal susah
  56. Lamun kekedutan dina embun-embunan, bakal meunang pangkat
  57. Lamun kekedutan dina gado, bakal meunang kahadéan
  58. Lamun kekedutan dina halis katuhu, bakal nampa duit
  59. Lamun kekedutan dina halis kénca, bakal bungah
  60. Lamun kekedutan dina irung beulah katuhu meunang tugenah
  61. Lamun kekedutan dina irung beulah kénca, nampa surat
  62. Lamun kekedutan dina kénca, bakal meunang milik
  63. Lamun kekedutan dina keuneung katuhu, bakal meunang bagja
  64. Lamun kekedutan dina keuneung kénca, bakal papanggih jeung baraya
  65. Lamun kekedutan dina létah, bakal cilaka
  66. Lamun kekedutan dina pingping katuhu, bakal papanggih jeung sobat
  67. Lamun kekedutan dina pingping kénca, bakal aya kahadéan
  68. Lamun kekedutan dina pipi katuhu, bakal gering
  69. Lamun kekedutan dina pipi kénca, bakal meunang kasusah
  70. Lamun kekedutan dina puhu leungeun katuhu, bakal papanggih jeung baraya
  71. Lamun kekedutan dina puhu leungeun kénca, bakal aya kahadéan
  72. Lamun kekedutan dina siku katuhu, bakal boga duit
  73. Lamun kekedutan dina siku kénca, bakal aya nu asih
  74. Lamun kekedutan dina sirah, bakal meunang kahadéan
  75. Lamun kekedutan dina susu katuhu,  rék nampa milik
  76. Lamun kekedutan dina taktak katuhu, bakal meunang duit
  77. Lamun kekedutan dina taktak kénca, bakal aya nu ngahina
  78. Lamun kekedutan dina tarang, bakal aya nu ngahormat
  79. Lamun kekedutan dina tonggong suku katuhu, bakal aya kahadéan
  80. Lamun kekedutan dina tonggong suku kénca, bakal gering
  81. Lamun kekedutan dina tonggong, bakal bagja
  82. Lamun kekedutan dina tuur katuhu, bakal cilaka
  83. Lamun kekedutan dina tuur kénca, bakal bungah
  84. Lamun kekedutan dina ugel-ugel suku katuhu, bakal cilaka
  85. Lamun kekedutan dina ugel-ugel suku kénca, bakal aya kahadéan
  86. Lamun kekedutan dina walikat katuhu, bakal tugenah
  87. Lamun kekedutan dina walikat kénca, bakal tinekanan pamaksadan
  88. Lamun ngimpi asup kana es, bakal aya katugenahan
  89. Lamun ngimpi asup kana seuneu, bakal cilaka
  90. Lamun ngimpi awak begang, bakal susah
  91. Lamun ngimpi awak buluan, bakal meunang milik
  92. Lamun ngimpi awak getihan atawa kaluar getih, bakal meunang katugenahan
  93. Lamun ngimpi awak lintuh, bakal aya nu ngahormat
  94. Lamun ngimpi aya angina puyuh, bakal aya nu datang
  95. Lamun ngimpi aya nu datang (nyémah), bakal aya nu ngahina, nu ngahinana éta jalma nu kaimpikeun
  96. Lamun ngimpi aya nu méré ali, bakal aya nu mikanyaah
  97. Lamun ngimpi aya nu méré anjing (kicik), aya nu ngahina
  98. Lamun ngimpi aya nu méré baju, bakal aya nu ngéwa
  99. Lamun ngimpi aya nu méré barang emas/pérak, bakal aya nu nyaah
  100. Lamun ngimpi aya nu méré béas, bakal aya nu ngahina.

0 comentários:

Posting Komentar